Sadayana manusa anu aya di ieu dunya teu leupas tina prosés hirup dina kahirupan. Dina ngajalankeun kahirupan, satiap jalmi ngagaduhan tujuan dina hirupna, tujuan ieu anu ngajantenkeun harepan satiap jalmi aya dina kabagjaan, kasenangan, miwah kahirupan anu sagala kacukupan.
Ngukur kamampuhan ngajalankeun kahirupan ieu salah sawios anu kedah diperhatoskeun dina ngokolakeun Nagara dina ngurus sareng mulasara, oge ngagali Sumber Daya Alam (SDA) Nusantara, teu sakedik anu lumaku dina kahirupan ieu anu maksakeun, teu ngukur kamampuhan, ahirna ‘tamiang meulit kabitis’, jadi nyilakakeun dirina jeung balaréya. Miharep kabagjaan, kanyamanan, kadaméyan jadi ukur angen-angen dina émutan. Sepuh kapungkur kantos nguningakeun ‘jampé hirup’ anu kedah salamina diémutkeun, supados urang gaduh ukuran kamampuhan ‘prak, prék, prok’ dina ngajalankeun kahirupan.
Dumasar kana Swara Tuduh Ajaran Buhun, dimana urang kedah tiasa ngahudangkeun ‘sumber daya manusa’ (SDM) anu salami ieu karungkup ku pipiding anu mindingan sarira. Tos waktosna sadayana uninga ieu ajaran ti para patikrama, para rési miwah ti para pandita Sunda, saperkawis didikan, atikan, tata krama, adat, miwah budayana, anu weruh kana panataan (rencana ageung) pancanata, sareng panitian (rancana utama) pancaniti salaku manusa Sunda.